Sejarah "Jawa Barat".
Karya Tulis: Drs. Yoseph Iskandar
DI TATAR SUNDA
RUNTUYAN RAJA RAJA SUNDA
Raja-raja Karajaan Sunda
Di handap ieu runtuyan raja-raja nu kungsi mingpin
Karajaan Sunda numutkeun naskah Pangéran
Wangsakerta (mangsa kawasa dina Maséhi):
1.
Tarusbawa
(minantu Linggawarman, 669 - 723)
3.
Tamperan
Barmawijaya (732 - 739)
4.
Rakeyan
Banga (739 - 766)
5.
Rakeyan
Medang Prabu Hulukujang (766 - 783)
6.
Prabu
Gilingwesi (minantu Rakeyan Medang Prabu Hulukujang, 783 - 795)
7.
Pucukbumi
Darmeswara (minantu Prabu Gilingwesi, 795 - 819)
8.
Rakeyan
Wuwus Prabu Gajah Kulon (819 - 891)
9.
Prabu
Darmaraksa (adi beuteung Rakeyan Wuwus, 891 - 895)
10.
Windusakti
Prabu Déwageng (895 - 913)
11.
Rakeyan
Kamuning Gading Prabu Pucukwesi (913 - 916)
12.
Rakeyan
Jayagiri (minantu Rakeyan Kamuning Gading, 916 - 942)
13.
Atmayadarma
Hariwangsa (942 - 954)
14.
Limbur
Kancana (putra Rakeyan Kamuning Gading, 954 - 964)
15.
Munding
Ganawirya (964 - 973)
16.
Rakeyan
Wulung Gadung (973 - 989)
17.
Brajawisésa
(989 - 1012)
18.
Déwa
Sanghyang (1012 - 1019)
19.
Sanghyang
Ageng (1019 - 1030)
20.
Sri
Jayabupati (Detya Maharaja, 1030 - 1042)
21.
Darmaraja
(Sang Mokténg Winduraja, 1042 - 1065)
22.
Langlangbumi
(Sang Mokténg Kerta, 1065 - 1155)
23.
Rakeyan
Jayagiri Prabu Ménakluhur (1155 - 1157)
24.
Darmakusuma
(Sang Mokténg Winduraja, 1157 - 1175)
25.
Darmasiksa
Prabu Sanghyang Wisnu (1175 - 1297)
26.
Ragasuci
(Sang Mokténg Taman, 1297 - 1303)
27.
Citraganda
(Sang Mokténg Tanjung, 1303 - 1311)
28.
Prabu
Linggadéwata (1311-1333)
29.
Prabu
Ajiguna Linggawisésa (1333-1340)
30.
Prabu
Ragamulya Luhurprabawa (1340-1350)
31.
Prabu
Maharaja Linggabuanawisésa (nu perlaya dina Perang Bubat, 1350-1357)
32.
Prabu
Bunisora (1357-1371)
33.
Prabu
Niskalawastukancana (1371-1475)
34.
Prabu
Susuktunggal (1475-1482)
35.
Jayadéwata
(Sri Baduga Maharaja, 1482-1521)
36.
Prabu
Surawisésa (1521-1535)
37.
Prabu
Déwatabuanawisésa (1535-1543)
38.
Prabu
Sakti (1543-1551)
39.
Prabu
Nilakéndra (1551-1567)
40.
Prabu
Ragamulya atawa Prabu Suryakancana (1567-1579)
KARAJAAN GALUH
Karajaan Galuh
Galuh mangrupakeun hiji karajaan Sunda di pulo Jawa, nu wilayahna antara walungan Citarum di beulah kulon sartaCipamali di beulah wétan. Karajaan ieu mangrupakeun
panerus Kendan, bawahan Tarumanagara.
Carita ngeunaan Galuh aya dina Carita Parahiyangan, naskah Sunda
nu dijieun kira abad ka-16. Dina éta naskah, carita ngeunaan Galuh téh
dimimitian ti mangsa Rahiyangta ri Medangjati nu ngarajaresi salila lima welas
taun. Salajengna, kakawasaan ieu diwariskeun ka putrana di Galuh, Sang
Wretikandayun.
Nalika Linggawarman, raja Tarumanagara nu ngawasa ti taun 666 M
pupus (669), kakawasaan Tarumanagara ragrag kaTarusbawa, minantuna ti
Sundapura, salah sahiji wilayah bawahan Tarumanagara. Ku sabab Tarubawa
mindahkeun kakawasaan Tarumanagara ka Sundapura, pihak Galuh, dipingpin ku
Wretikandayun (ngawasa ti taun 612), milih ngadeg salaku karajaan mandiri.
Anapon pikeun babagi wilayah, Galuh jeung Sunda sapuk ngajadikeun walungan Citarum salaku watesna.
Karajaan kembar
Wretikandayun boga tilu putra lalaki: Rahiyang Sempakwaja
(jadi resiguru di Galunggung), Rahiyang
Kidul (jadi resi di Denuh), jeung Rahiyang Mandiminyak. Sanggeus ngawasa Galuh
salila salapan puluh taun (612-702), Wretikandayun disilih ku Rahiyang
Mandiminyak, putrana anu bungsu, sabab dua lanceukna jadi resiguru.
Ti Nay Pwahaci Rababu, Sempakwaja gaduh dua putra:
Demunawan jeung Purbasora. Alatan kagoda ku kageulisan dahuanana, Mandiminyak
nepi ka kaséréd kana lampah nirca, nu ngalahirkeun Séna (atawa Sang Salah).
Sedengkeun ti istrina, Déwi Parwati, putra Ratu Sima jeung Raja
Kartikeyasingha, Mandiminyak gaduh putra istri nu ngaranna Sannaha. Sannaha
jeung Séna ieu lajeng nikah, sarta gaduh putra nu dingaranan Rakryan Jambri
(atawa katelah Sanjaya).
Kakawasaan Galuh nu diwariskeun ka Mandiminyak (702-709),
lajeng diteruskeun ku Séna. Kusabab ngarasa boga hak mahkota ti Sempakwaja,
Demunawan jeung Purbasora ngarebut kakawasaan Galuh ti Séna (taun 716). Alatan
kausir, Séna jeung kulawargana lajeung ngungsi ka Marapi di beulah wétan,
lajeng nikah ka Déwi Citrakirana, putra Sang Resi Padmahariwangsa, raja Indraprahasta.
Kabupaten Galuh Ciamis, Kajayaan Jaman
Kangjeng Prebu.
Bupati Galuh anu kagenepwelas ieu teh komarana mancur,
jenengan nyambuangkeun wawangi arum, lantaran Kangjeng Prebu kagungan elmu
linuhung, Bupati munggaran anu tiasa ngaos aksara laten. Marentah adil
palamarta, wedi asih ka rahayat. Opatpuluhtujuh taun lamina Raden Aduipati Aria
Kusumadiningrat ngaheuyeuk dayeuh Galuh Ciamis (1839-1886)
Pamarentah kolonial harita keur meujeuhna ngagederkeun
Tanam Paksa tea. Saenyana ari di tatar Priangan mah ti taun 1677 oge geus
dilaksanakeun anu disebut Preangerstelsel atawa sistim Priangan anu tumali
jeung komoditi kopi teh. Tepi ka ayeuna langgeng dina lagu jeung hariring,
tembang nu cipruk cimata, cenah geuning "Dengkleung dengdek, buah kopi
raranggeuyan. Ingkeun saderek, ulah rek dihareureuyan", gambaran wanoja
anu sedih kapapanjangan lantaran ditinggalkeun ku panutan nu pancen gawe tanam
paksa. Tina Preangerstelsel, di lembur-lembur sejen saterusna dimekarkeun jadi
Culturstelsel. Tetela di Kabupaten Galuh mah lain komoditi kopi wungkul anu
dipaksa kudu diparelak ku rayat teh, tapi oge nila. Proyek nila ieu pisan anu
nimbulkeun insiden Van Pabst nu ngabalukarkeun Bupati Imbanagara dirurud tina
kalungguhanana teh.
Mimiti Ngebon Kalapa. Tangtu bae Kangjeng Prebu bati
sedih jeung prihatin nyaksian rahayatna dipaksa kudu marelak kopi jeung nila,
bari hasilna dikunjalan ka nagara Walanda. Rahayat ukur kabagian kokioprot
kesangna wungkul, kabagian bubuh ripuhna, cul anak pamajikan jeung kulawarga,
sapopoena kudu ngagugulung kebon kopi jeung enteh. Tah, jaman tanam paksa kopi
ieu pisan lahirna kawih sedih Dengkleung Dengdek teh, almarhum Kang Pepe
Syafe'i R.A. nyarios ka MANGLE basa ngawangkong salse di perkebunan Sineumbra
pakidulan Bandung, jaman Administraturna Max Salhuteru anu gede kamelang kana
kahirupan seni budaya tradisional Sunda. Pepe Syafe'I dipentes kudu maluruh
sajarah lahirna kawih dramatis dengkleung Dengdek ku Administraturna.
Kangjeng Prebu ku anjeun nangis lebeting manah, teu tega
nyaksian rahayat kasiksa ku talajak pamarentah kolonial. Pikeun ngurangan
bangbaluh rahayat, sangkan sajeroning lakon gawe tanam paksa henteu tepi ka
lieuk euweuh ragap taya, enggal ngagederkeun pangwangunan, kayaning nyieun
solokan-solokan jeung bendungan, mun ayeuna mah solokan tersier jeung sekunder
katut dam-dam anu tohaga. Tepi ka ayeuna aya keneh solokan Garawangi nu
diwangun taun 1839, Cikatomas taun 1842, Tanjungmanggu nu leuwih mashur disebut
Nagawiru diwangun taun 1843 jeung solokan Wangunreja 1862.
Saterusna Bupati anu beunghar ku elmu panemu turta henteu
tiasa kulem samemeh babakti ka rahayatna teh, muka lahan pasawahan anyar jeung
kebon kalapa di mana-mana. Malah pikeun sosialisasi kalapa mah, unggal calon
panganten lalaki mun seserahan diwajibkeun mawa kitri (binih kalapa), anu
saterusna kudu dipelak di buruan imahna tempat panganten ngawalan rumah tangga.
Ti jaman Kangjeng Prebu, perkebunan kalapa di Galuh
Ciamis morontod jadi, kacida suburna, produksi ngahunyud di saban lembur. Atuh
teu kungsi lila oge Ciamis sohor jadi gudang kalapa pangma'murna di Priangan
wetan. Dugdeg pabrik minyak kalapa diadegkeun ku para pangusaha, pangpangna
Cina. Nu pangsohorna Gwan Hien, ceuk urang Galuh mah Guanhin. Terus pabrik Haoe
Yen jeung pabrik di Pawarang anu sohor disebutna Olpado (Olvado). Tah, Olpado
mah musnah karagragan bom waktu Galuh dibombadir ku Walanda. Guanhin oge kantun
ngaran, sumawonna nu sejenna. Ka dieunakeun minyak kalapa kadeseh ku minyak
kalapa sawit jeung minyak goreng sejenna .
Sakola Sunda. Ti taun 1853 Kangjeng Prebu linggihna di
karaton Selagangga anu dijieun tina kai Jati anu kuat. Lega lahan tempat
karaton ngadeg legana sahektar, aya empang anu laukna tingghudibeg, di antarana
aya babalongan aer mancur, turut sisina dipelakan kekembangan anu arendah. Di
bagian sejen karaton, aya kaputren, tempat para putri Bupati. Di kompleks
karaton oge aya masigit. Taun 1872 di kompleks karaton ieu diwangun jambansari
jeung pamakaman kulawarga Bupati. Kiduleun pamakaman aya situ anu saterusna
dikaramatkeun pisan, baheula mah taya anu wani nyapirakeun, urang Galuh percaya
cai situ ngandung hasiat saperti anu dikotretkeun ku Kangjeng Prebu dina
guguritanana, Jamban tinakdir Yang Agung, caina tanba panyakit, amal jariah
kaula, bupati Galuh Ciamis, Aria Kusumahdiningrat, medali mas pajeng
kuning."
Nurutkeun para menak Galuh jaman ayeuna mah, pangpangna
rundayan Kangjeng Prebu, jaman baheula mah ieu guguritan nu disusun dina pupuh
Kinanti teh sok dihariringkeun ku barudak sakola rayat. Sajaba ti wangunan keur
kapentingan kulawrga Bupati, Kangjeng Prebu oge ngageder ngawangun
gedong-gedong pamarentahan jeung sarana sejenna. Antara taun 1859 tepi ka 1877
mah pangwangunan tatar Galuh taya ngasona. Mimiti diwangun gedong kabupaten anu
agreng, perenahna di gedong DPRD ayeuna, malik ngaler. Terus gedong keur
Asisten Residen, anu ayeuna jadi gedong nagara atawa gedong kabupaten,
sakaligus tempat lingguhna Bupati sakulawarga. Wawangunan sejenna, tangsi
militer, panjara, masjid agung, gedong keur kontrolir jeung kantor telepun.
Luar biasana Kangjeng Prebu, taya sarupa oge sarana
kapentingan masarakat anu kaluli-luli atawa anu anjeunna lali. Pendidikan
dinomer hijikeun ku Bupati anu maher basa Perancis teh. Pikeun pendidikan para
putrana jeung kadang kulawarga Bupati, ngahaja mayar guru Walanda, J.A.Uikens
jeung J. Bl;andergroen ka kabupaten, pancenna ngajar maca jeung nyarita ku basa
Walanda. Taun 1862 Kangjeng Dalem ngadegkeun Sakola Sunda. Taun 1874 Sakola
Sunda anu kadua ngadeg di Kawali. Ieu teh sakola munggaran di Tatar Sunda. Dina
enggoning ngamekarkeun agama Islam, Kangjeng Prebu kagungan jurus-jurus nu
wijaksana pisan. Pangpangna dina enggoning ngaleunguitkeun kapercayaan sabagian
masarakat anu masih keneh nyarimpen sesembahan mangrupa arca batu anu
jangkungna satangtung manusa. Kangjeng Prebu maranti sok ngayakeun silaturahmi
jeung pangaosan, ngahaja ngeprik masarakat.
Tah, dina waktu ririungan saperti kieu anjeunna umajak ka
rahayatna supaya rahayat saban-saban arek ka pangaosan jeung ririungan, marawa
arca anu aya di imahna masing-masing . Urang hijikeun jeung anu kaula da kaula
oge boga, dawuhna teh. Rayat anu alajrih, satuhu tur kumereb ka pangawulaan
teh, barungaheun we dititah marawa arca teh. Jalujur ngaku di imahna aya arca.
Atuh teu kungsi lila oge di imah-imah rayat teh geus teu aya deui arca anu
disimpen dimumule. Masarakat ayeuna mah bener-bener aribadahna jeung teu kendat
muji kaagungan Allah. Islam mencar mekar satatar Galuh. Ari arca mah saterusna
dibrugbrugkeun we di Jambansari, sakurilingna dipelakan tangkal waregu, jadi
karimbunan. Eta sababna tepi ka ayeuna loba arca di pamakaman Kangjeng Prebu di
Selagangga tea.
Kangeng Prebu teh Bupati munggaran di Tatar Sunda anu
tiasa maca aksara laten, sajaba ti kitu, elmu kabatinanana luhur. Ceuk
saujaring carita anu mekar di kalangan masarakat Galuh Ciamis, Kangjeng Prebu
oge ngawasa mahluk gaib anu sohor disebutna ONOM di Ciamis mah. Taun 1861 jalan
caturkeun kareta api rek dibuka pikeun nunjang lancarna patalimarga, ti
Tasikmalaya ka Manonjaya, Cimaragas, Banjar terus bangblas ka Jogjakarta.
Kangjeng Prebu enggal ngadugikeun panuhun, supaya jalan kareta api teh liwat ka
kota Galuh puseur dayeuh kabupaten, ulah liwat cimaragas- Manonjaya. Waragadna
memang jadi gede sabab eyeuna mah kudu mnyieun jambatan panjang lebah Cirahong
jeung Karangpucung. Tapi ahirna Walanda eleh deet, panuhun Kangjeng Prebu
ditarima. Najan setatsionna meunang nyieun Walanda teh ayeuna narikolot, tapi
Ciamis diliwatan kareta api, di antarana kareta api Galuh. Taun 1886 Kangjeng
Prebu lengser kaprabon, kalungguhanana diteraskeun ku putrana nu sohor
jenenganana Raden Adipati Aria Kusumasubrata.
Tapi sanaos parantos pangsiun, Kangjeng Prebu teu ngaso
ucang-ucang dina korsi goyang. Anjeunna masih keneh teras bebenah jeung
ngawangun Galuh Ciamis. Dina jamanna keneh, Undang-undang Agraria mimiti
dipake, peresisna taun 1870. Nya ti harita investor arasup, henteu risi
ngaluarkeun modal gede keur muka usaha-usaha perkebunan pangpangna. Kulantaran
kitu, di Galuh Ciamis loba perkebunan sewasta, di antarana Lemah Neundeut,
Bangkelung, Gunung Bitung, Panawangan, Damarcaang jeung Sindangrasa. Taun 1915
Kabupaten Galuh sacara resmi kaereh ka Karsidenan Priangan, sacara resmi
disebutna jadi Kabupaten Ciamis. 1 Januari 1926 Jawa dibagi jadi tilu propinsi,
Jabar, Jateng, Jatim. Jawa Barat dipenggel jadi lima karsidenan, 18 Kabupaten
jeung genep kotapraja. Ciamis saterusna kaereh ka Karsidenan Priangan Timur.
Saenyana di lokasi karaton Selagangga oge Kangjeng Prebu teh ngadamel masigit
agreng anu dipercayakeun pikeun ngurus katut ngahirupkeunana ka Haji Abdul
Karim. Keur kamekaran agama Islam, Bupati Galuh anu masagi dina elmuna teh,
marentahkeun ka para Kapala Desa suaya di tiap desa aya masigit, sajaba ti keur
ibadah sacara umum, oge keur tempat barudak jeung nonoman diajar ngaji jeung
elmu kaagamaan. Cindekna ngawangun mental spiritual masarakat. Masdjid
Selagangga teh kacida kaimpunganana ku para nonoman.
Tapi ayeuna mah ngan kantun makam kulawarga jeung
Jambansari anu ngan kari sacangkewok, situ nu perenahna beh kulon mah geus taya
tapak-tapakna acan, da baheula mah dua situ teh, beulah wetan jeung beulah
kulon. Ayeuna geus robah jadi lembur. Baheulana mah tanah beulah kulon teh
kagungan para putra sareng putu Snouck Hurgronye, beulah wetanna tapel wates
jeung Jambansari Ayeuna jadi lembur. Pamakaman Kangjeng Prebu mah tepi ka
ayeuna diurus dimumule jeung dipualasara ku Yayasan nu dipupuhuan ku Toyo
Djayakusuma. Ka tukang-tukang ngalaman ngalanglayung kurang urus lantaran
kurang waragad. Jambansari meh ilang sari. Kaemper-emper ka Jakarta ka
kulawarga Mentri PU (harita) Ir.Radinal Muchtar. Nya ku kulawarga Radinal Muchtar
dibebenah diomean dipasieup deui dijungjungkeun komarana. Naha Radinal, kapan
anjeunna teh putra Minang ? Memang leres Ir.Radinal putra minang, tapi
garwana mah terahing menak Galuh Ciamis, rundayan Kangjeng Prebu. Jadi, ngaraos
ngiring tanggel waler geusan mulasara, ngamumule pamakaman jeung komplek
Jambansari anu ku rayat Galuh kacida dimulyakeunana. Aya anu rada ngagasruk
kana mamaras rasa urang Galuh Ciamis, pangpangna anu darumuk di Jalan
Selagangga, sabudeureun komplek pamakaman jeung Jambansari, alatan Jalan
Selagangga diganti jadi Jalan KHA.Dahlan ngalap kana jenengan inohong Nahdatul
Ulama. Najan kitu urang Galuh mah pageuh we nyarebutna Selagangga, sabab di
dieu teh aya patilasan Kangjeng Prebu . Malah ayeuna sabada Ciamis ganti
bupati, putra Panjalu anu diharepkeun adil palamarta wijak tur toweksa ka
rahayatna. Bari tetep luhur ngahormat KHA.Dahlan, kacida diharepkeunana, Bupati
anyar eungeuh kana kaluhuran sajarah Galuh Ciamisna. Bupati anyar dipentes gawe
mulya mulangkeun ngaran jalan KHA Dahlan jadi Jalan SELAGANGGA deui. Sabab ieu
jalan ngandung sajarah penting. Nya di dieu baheula mimiti ngadegna karaton
Galuh, di dieu Kangjeng Prebu linggihna, ti dieu anjeunna ngalelemah dayeuh
Galuh Ciamis, ti dieu oge kawijakan-kawijakan lungsur, jeung di dieu wapatna
Bupati Ciamis anu pangkongasna beunghar ku elmu panemu, boh lahir boh batin,
turta pinter meakeun batur teh. Dipendemna oge di pamakaman Sirnayasa
(Jambansari) Selagangga. Asa teu aya alesan nu bisa ditarima upama Jalan
Selagangga kudu diganti
PERANG BUBAT
Perang Bubat
Catetan Ki Jagasatru VI
tina rupa-rupa sumber
Perang Bubat nyaéta perang anu bisa jadi
pernah kajadian dina kakawassan raja Majapahit jeunh Mahapatih Gajah Mada. Kajadian ieu
ngalibetkeun Mahapatih Gajah Mada jeung Prabu Maharaja
Linggabuana ti Karajaan Sunda di Pasanggrahan
Bubat dina abad ke-14 di sabudeureun taun 1360 M. Sumber-sumber anu kolot anu bisa
dijadika
Pikeun rujukan ngeunaan ayana perang ieu nyaéta
Kidung Sunda jeung Kidung Sundayana anu
asalna ti Bali.
Kajadian Perang Bubat dimimitian ku hiji niat
Prabu Hayam Wuruk anu hayang migarwa putri Dyah Pitaloka Citraresmi ti
Nagara Sunda. Kacaritakeun kapincutna Hayam Wuruk ku putrid Dyah Pitaloka sabab
geus sumebar hiji gambar sang putri di Majapahit; anu digambar sacara susulumputan ku salah saurang seniman jaman harita anu wastana Sungging
Prabangkara.
Tapi catetam sajarah Pajajaran anu ditulis
Saleh Danasasmita jeung Naskah Perang
Bubat nu ditulis ku Yoseph Iskandar nyebutkeun yén niat jatukrami éta nyaéta keur ngaraketkeun tali duduluran
anu geus lila pegat antara Majapahit jeung Sunda. Radén Wijaya anu jadi pangadeg karajaan
Majapahit, dianggap katurunan Sunda ti Dyah Lembu Tal jeung carogéna Rakéyan
Jayadarma, raja karajaan Sunda. Hal ieu ogé dicatet dina Pustaka Rajyatajya i
Bhumi Nusantara parwa II sarga 3. Dina Babad Tanah Jawi, Radén Wijaya disebut ogé ku jujuluk Jaka Susuruh ti
Pajajaran. Sanajan kitu, catetan sajarah Pajajaran kasebut dianggap lemah kabenaranana,
utamana disababkeun ngaran Dyah Lembu Tal ngaran lalaki.
Hayam
Wuruk mutuskeun keur migarwa Dyah Pitaloka. Kalayan ayana restu ti
kulawarga
karajaan, Hayam Wuruk ngirimkeun surat lamaran ka Maharaja Linggabuana.
Upacara jatukrami dilaksanakeun di Majapahit. Pihak panatacalagara
karajaan Nagara
Sunda sorangan saenyana ngarasa kabeuratan, utamana Mangkubumi Hyang
Bunisora
Suradipati. Ieu disababkeun numutkeun adat anu dianut di Nusantara dina jaman harita, henteu lazim pihak pangantén
awéwé datang ka pihak pangantén lalaki. Sagigireun éta aya panyangka yén hal kasebut
ngarupakeun hiji panipuan diplomatik Majapahit anu danget harita keur ngagédean
kakawasaanana, diantarana ku cara ngawasa Karajaan Dompu di Nusa Tenggara.
Linggabuana mutuskeun supaya terus mangkat ka
Majapahit, sabab rasa duduluran nu geus
aya ti gurat luluhur dua nagara kasebut. Brul baé Linggabuana jeung rombongan
Sunda mangkat ka Majapahit, jeung ditam[I sarta ditempatkeun di Pasanggrahan
Bubat.
Ninggali Raja Sunda datang ka Bubat jeung permaisuri
ogé putri Dyah Pitaloka anu di
diiringkeun ku sawatara prajurit, jol timbul baé niat séjén ti Mahapatih Gajah Mada nyaéta keur ngawasa Karajaan Sunda, sabab hayang
nedunan Sumpah Palapa anu dijieun ku manéhna, mangkana ti
sakuliah karajaan di Nusantara anu geus ditalukkeun ngan karajaan Sunda wungkul anu acan dikawasa
ku Majapahit. Ku ayana kaksud éta terus Gajah Mada nyieun alesan anu nganggap yén
kadatangan rombongan Sunda di Pasanggrahan Bubat téh subagé sumerah diri Karajaan
Sunda ke Majapahit, sapagodos jeung Sumpah Palapa anu kungsi diucapkeunana dina jaman saméméh
Hayam Wuruk naék tahta. Gajah Mada
ngadesek Hayam Wuruk keur narima Dyah
Pitaloka lain subagé pangantén, tapi subagé tanda taluk Nagara Sunda anu ngaku
‘superioritas' Majapahit saluhureun Sunda di Nusantara. Hayam Wuruk kuanjeun
numutkeun Kidung Sundayana disebutkeun cangcaya ku ayana hal kasebut, sabab Gajah
Mada hiji Mahapatih anu jadi andelan Majapahit jaman harita.
Satuluyna timbul hiji kajadian pabéntrokan antara utusan Linggabuana jeung Gajah Mada. Pabéntrokan ieu ditungtungan
ku hinaan ka Gajah Mada ku utusan Nagara Sunda anu kagét yén kadatangan
rombongan Nagara Sunda ngan keur jadi tanda taluk jeung ngaku kaunggulan Majapahit,
lain karana ondangan saméméhna . Tapi Gajah
Mada tetep keukeuh peuteukeuh dina pamadeganana.
Saméméh Hayam Wuruk méré putusanana, Gajah
Mada geus ngerahkan pasukan Bhayangkara ka Pasanggrahan Bubat anu ngancam
Linggabuana supaya ngaku kaunggulan/superioritas
Majapahit. Demi ngabéla kahormatan subagé satria Sunda, Linggabuana nolak hal
ieu. Der baé kajadian peperangan anu henteu saimbang antara Gajah Mada jeung pasukan
rongkahna, ngalawan Linggabuana jeung pasukan pangawal karajaan “Balamati” anu jumlahna
ngan saeutik sarta para pajabat jeung menteri karajaan anu milu dina rombongan.
Akibat
pacéngkadan ieu der jadi peperangan téa. Rombongan karajaan Sunda boga
niat keur béla pati tepi ka milampah puputan demi
ngabéla kahormatan di Lapangan Bubat.
Sanajan toh pati bébéakan ngalawan kalawan gagah perkasa rombongan
karajaan Sunda kawalahan anu tungtungna
gugur di jero pangepungna tentara
Majapahit. Ampir kabéh rombongan kerajaan Sunda ditumpes kalayan kejem dina tragedi
ieu. Kajadian ieu dipungkas ku gugurna
Linggabuana, para menteri jeung pajabat karajaan Sunda, sarta putri Dyah
Pitaloka. Tradisi jeung carita-carita wewengkon
nyebutkeun yén dina kaayaan anu sedih jeung ancurna haté, Sang Putri milampah “puputan” labuh-diri/nilasan diri keur ngabéla kahormatan
jeung ajén nagarana
Numutkeun adat, tumpurna Dyah Pitaloka diceungceurikan
ku Hayam Wuruk sarta sakabéh rahayat Karajaan Sunda anu keluleungitan sabagéan
gedé Kulawarga kerajaanna. Ku masyarakat Sunda tumpurna Sang Putri jeung Raja
Sunda dipihihormat jeung dianggap subagé hiji lampah anu leber ku wawanén sarta
mulya dina ngabéla kahormatan bangsa jeung nagarana. Rama Sang Putri, Prabu Maharaja Lingga Buana
dipupusti jeung dipihormat ku masyarakat Sunda kalayan dipasihan jujuluk "Prabu Wangi" (Basa Sunda: Raja anu miboga nami anu seungit/wangi) sabab
lampah satria dina ngabéla kahormatan negarana ngalawan Majapahit. Katurunan anjeunna
raja-raja Sunda anu saterusna dipasihan
gelar jujuluk "Siliwangi" (tina kecap Silih Wangi dina basa Sunda hartina: Nu
Neruskeun Prabu Wangi). Tragedi ieu kacida ngaruksak hubungan antara dua
kerajaan anu akibatna aya mumusuhan nepi ka mangtaun-taun lilana. Hubungan dua
nagara ieu henteu pernah pulih deui sakumaha biasana. Saheulaanan
di karaton Majapahit, Gajah Mada nyanghareupan mumusuhan jeung kacangcayaan, sabab
lampahna anu sagawayah jeung gagabah papalingpang
jeung kabutuhan kulawarga karajaan Majapahit jeung geus ngajaheutkun raraosan
Raja Hayam Wuruk.
Lalakon Putri Dyah Pitaloka jeung Perang
Bubat ngarupakaeun tema utama dina Kidung Sunda. Catetan sajarah ngeunaan kajadian Pasunda Bubat
disebutkeun dina Pararaton, tapi sama sakali henteu ditoél
dina naskah Nagarakretagama.
Hayam Wuruk manghanjakalkeun kana lalampahan
ieu terus ngirimkeun utusan (darmadyaksa) ti Bali –
anu mangsa harita aya di Majapahit pikeun
nyakséni jatukramina antara Hayam Wuruk jeung Dyah Pitaloka – pikeun
nempikeun paménta hampura ka Mangkubumi Hyang Bunisora Suradipati anu jadi pajabat panyelang raja Nagara
Sunda, sarta nepikeun yén sakumna kajadian bakal dimuat dina Kidung Sunda atawa Kidung Sundayana (di
Bali dipiwanoh subagé Geguritan Sunda) supaya dicolot
hikmahna.
Akibat
kajadian Bubat ieu, dicaritakeun dina
catatetan kasebut yén hubungan Hayam Wuruk jeung Gajah Mada jadi
anggang. Gajah Mada sprangan tetap jadi Mahapatih nepi ka maotna (1364).
Akibat kajadian ieu ogé, di kalangan karabat Nagara Sunda dikeunakeun
hiji aturan nu disebut esti larangan ti kaluaran, anu eusina diantarana teu meunang kawin ti luar
lingkungan karabat Sunda, atawa sabagéan deui nyaritakeun teu
meunang nikah jeung pihak wétan nagara Sunda (Majapahit).
Posting Komentar
Jangan lupa, tinggalkan pesan anda!!!saran dan masukan kami nantikan untuk kemajuan blog eSDe ini!!!Terima Kasih.